21. Wilujeng sasih boboran. Neda dihapunten samudaya kalepatan, nu dihaja sinareng henteu dihaja. Mugia ibadah urang salawasna aya dina kamulyaan. Aamiin ya Rabbal’alamiin.
22. Kaajaiban lebaran ngan ukur kawujud nalika anjeun nyéépkeunana sareng réréncangan sareng kulawarga. Gaduh dinten anu saé kalayan seueur momen anu saé! Idul Adha Mubarak.
23. Wilujeng Boboran Idul Adha 2024, mugia urang sadaya tiasan ngurbankeun sipat sato nu ngancik dina diri urang sadaya. Sangkan hate bisa tingtrim tur mingkin geugeut ka Allah SWT.
25. Neda hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Hapunten bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa n pasalia, laku lampah nu teu merenah, Wilujeng Lebaran Haji 1445 H.
26. Dinten ieu, hayu urang diajar nampi sagala ni’mat Allah kalayan ati sareng pikiran anu terbuka. Neda dihapunten ka sadayana, wilujeng boboran Idul Adha 1445 H sareng Lebaran Haji 2024.
27. Berkorban sanajan leutik. Henteu kedah ngantosan janten beunghar, tapi bari anjeun tiasa. Teu nyangka pujian ti sasama manusa. Tapi leuwih ti éta miharep ridho Allah SWT. Wilujeng Hari Raya Kurban.
28. Nabi Ibrahim inspirasi urang dina momen Idul Adha ieu. Ihlasna diganti ku Alloh SWT ku ni'mat nu manglimpah. Mudah-mudahan taun ieu urang sadayana tiasa ngalakukeun anu sami. Dina mangsa Idul Adha 1445 H.
29. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu sampurna dina Idul Adha 1445 H ieu. Hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati, tina khilaf sinareng dosa. Taqqobalallahu minna wa minkum. Shyiamana wa syiamaku.
30. Wilujeng Boboran Idul Adha, neda dihapunten tina samudaya kalepatan abdi sareng kulawarga. Mugia urang tiasa ngaronjatkeun naon-naon anu hade nu aya dina diri urang. Tur bisa silih mikaasih mikanyaah ka sasama. Aamiin.
31. Galindengna sora takbir matak nyecep kana hate. Kabayang kumaha cintana Nabi Ibrahim As ka nu jadi Pangeranana. Mugia urang sadaya tiasa nerapkeun cinta kasih Ibrahim dina kahirupan wanci ayeuna. Wilujeng Idul Adha 2024.
32. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara nu satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Wilujeng Lebaran Haji 2024 sadayana.
33. Pangorbanan anu urang sanggakeun taun ieu mugia janten amal ibadah anu ikhlas mung ka Allah SWT. Abdi salaku mahluk, nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan ucap sareng lampah. Mugia urang salamina dipaparinan rezeki sareng barokah.