31. Galindengna sora takbir matak nyecep kana hate. Kabayang kumaha cintana Nabi Ibrahim As ka nu jadi Pangeranana. Mugia urang sadaya tiasa nerapkeun cinta kasih Ibrahim dina kahirupan wanci ayeuna. Wilujeng Idul Adha 2023.
32. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara nu satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Wilujeng Lebaran Haji 2023 sadayana.
33. Pangorbanan anu urang sanggakeun taun ieu mugia janten amal ibadah anu ikhlas mung ka Allah SWT. Abdi salaku mahluk, nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan ucap sareng lampah. Mugia urang salamina dipaparinan rezeki sareng barokah.
34. Nabi Ibrohim salawasna janten inspirasi pikeun ningkatkeun diri, dina dinten anu barokah ieu abdi hoyong ningkatkeun diri kalayan ngucapkeun Maaf jasmani sareng batin wilujeng Idul Adha sareng mugia Allah salawasna ngahampura dosa-dosa urang.
35. Sanes embe atanapi sapi anu dikurbankeun, tapi ngeunaan kaikhlasan nyuhunkeun ridho Allah SWT. Kalayan rasa rendah diri, sim kuring oge neda dihapunteun supados lebaran taun ieu janten pangeling-ngeling sangkan urang salawasna ihlas jeung hina.
Demikian kumpulan ucapan selamat Hari Raya Idul Adha 1444 H dalam bahasa Sunda, yang dapat menambah suka cita momentum Idul Adha 2023. Semoga bermanfaat.***